B. Daerah

Pertanyaan

maksud dina pada kadua pupujian "eling eling dulur kabeh" nyaeta

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pupujian
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Maksud dina pada kadua tina pupujian "eling eling dulur kabeh" nyaeta yen urang sarerea teh bakal tilar dunya, sanajan raja anu ngawasa dunya oge moal bisa nyingkahan kana pati. Pupujian nyaeta salahsahiji karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Di handap ieu nyaeta pada kadua pupujian "eling eling dulur kabeh" :

    Sabab urang bakal mati
    nyawa dipundut ku Gusti
    najan raja nyakrawati
    teu bisa nyingkiran pati

    Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi Sunda nu eusina mangrupa carita jeung puisi Sunda nu eusina henteu mangrupa carita. Pupujian kaasupna kana puisi Sunda nu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna, salian ti pupujian, anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta sajak, guguritan, sisindiran jeung mantra. Sedengkeun conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta wawacan jeung carita pantun.

    Umpama ditilik tina wangun rumpakana, pupujian teh kaasupna kana wangun puisi Sunda nu henteu keiket ku aturan. Sawatara wangun puisi Sunda lianna, salian ti pupujian, nu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak, mantra jeung kawih. Sedengkeun conto puisi Sunda nu kaiket ku aturan nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Guguritan jeung wawacan kaiket ku aturan pupuh.

    Aturan nu aya dina pupuh biasa disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlang engang nu aya dina unggal padalisan. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora tungtung engang nu aya dina unggal padalisan. Pupujian henteu kaiket ku aturan, atawa bisa disebut oge yen pupujian teh mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu.

Pertanyaan Lainnya