B. Daerah

Pertanyaan

Sora eusi dina wawangsalan mah padeukeut jeung..

1 Jawaban

  • Sora eusi dina wawangsalan mah padeukeut jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua wawangsalan. Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa tina sisindiran. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Sedengkeun umpama ditilik tina esui atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiren, nyaeta sisindiran nu maksud atawa eusina manrupa piwuruk, silihasih jeung sesebred atawa heureuy.  

    Pembahasan

    Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Dina sisindiran aya bagian sampiran atawa cangkang jeung bagian eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupakeun sampiran atawa cangkang, padalisan kadua mangrupakeun eusi.  

    Dina wawangsalan harti padalisan kahiji murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua. Saperti conto di handap, harti padalisan kahiji (nyaeta simeut) murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua (nyaeta dipikameumeut):

    Wawangsalan

    Teu beunang dihurang sawah

    Teu beunang dipikameumeut (wangsalna simeut)

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 4

    Kode : 8.13.4

    Kata Kunci : Sora eusi dina wawangsalan

Pertanyaan Lainnya